Kamis, 24 Desember 2015

Wawancara Pabrik Tahu Desa Awirarangan Kabupaten Kuningan

Hasil Kagiatan Wawancara
“Nganjang ka Pabrik Tahu”



Narasumber   : Satiri
Alamat            : RT.01 RW.02 Lingk. Serang
                             Desa Awirarangan Kuningan
Poe, tanggal    : Salasa, 8 Oktober 2013


Disusun Ku :
Kelompok Kinanti (Kelas VIII F)
1.     Egi Rais Rahmatilah
2.     Gilang Muhammad R.
3.     Randry Gusti S.
4.     Sandi Irawan




SMP NEGERI 2 KUNINGAN
2013 - 2014
JL. Otto Iskandardinata No. 136 Telepon (0232) 871062 Kuningan 45511



Daptar Patalekan

1.      Punten abdi hoyong terang Bapa teh namina saha?
2.      Ti iraha sareng tos sabaraha lami Bapa icalan tahu?
3.      Naon padamelan Bapa sateu acan icalan tahu?
4.      Kunaon Bapa teh milih jadi tukang icalan tahu?
5.      Naon untung sareng rugina icalan tahu?
6.      Sabaraha kauntungannana tina icalan tahu sasasihna?
7.      Ti iraha pabrik tahu ieu teh di bangun?
8.      Sabaraha urang nu damel di pabrik tahu ieu?
9.      Sabaraha gaji nu di pasihkeun ka padamel tahu sasasihna?
10.  Naon wae bahan-bahan kanggo ngadamel tahu teh?
11.  Timana kenging bahan-bahanna?
12.  Naon pa ari KOPTI teh?
13.  Naon wae alat-alat nu diangge ngadamel tahu?
14.  Sapertos kumaha ari ngadamel tahu teh?
15.  Kamana limbah tahu ieu di piceun?
16.  Kunaon limbah jeung sesa cai tahu eta dipiceun ka balong jeung ka walungan?
17.  Sabaraha harga tahu ieu?
18.  Kamana tahu ieu dijual?
19.  Ti jam sabaraha nepi ka jam sabaraha pabrik tahu ieu didamelna?
20.  Sabaraha kali pabrik ieu dibersihkeun?
21.  Saha anu meresihan pabrik tahu ieu?
22.  Kumaha cara ngaberesihan pabrik tahu ieu?
23.  Iraha biasana seueur nu meser tahu ka Bapa?
24.  Saha biasana nu sok meser tahu ka Bapa?




Hasil Kagiatan Wawancara

Pananya           : Assalamu’alaikum Wr. Wb.
Pa Satiri           : Walaikumsalam Wr. Wb.
Pananya           : Sateuacanna hapunten ngaganggu padamelannana, abdi sadaya murid ti SMP Negeri 2 Kuningan bade ngawawancara Bapa, tiasa henteu?
Pa Satiri           : Wios jang, tiasa.
Pananya           : Punten abdi hoyong terang Bapa teh namina saha?
Pa Satiri           : Nami Bapa teh Satiri.
Pananya           : Ti iraha sareng tos sabaraha lami icalan tahu?
Pa Satiri           : Ti taun 1975. Kira-kira 38 taun.
Pananya           : Naon padamelan Bapa sateu acan icalan tahu?
Pa Satiri           : Padamelan kapungkur, nyaeta kuli tahu.
Pananya           : Kunaon Bapa teh milih jadi tukang icalan tahu?
Pa Satiri           : Kusabab ngadamel tahu teh leuwih gampang jeung nguntungkeun.
Pananya           : Naon untung sareng rugina icalan tahu?
Pa Satiri           : Untungna, lamun pangaos bahan poko turun, untungna leuwih loba. Rugina, lamun pangos harga poko naek, untungna leuwih saeutik.
Pananya           : Sabaraha kauntungannana tina icalan tahu sasasihna?
Pa Satiri           : Rp. 3.000.000.
Pananya           : Ti iraha pabrik tahu ieu teh di bangun?
Pa Satiri           : Ti tahun 1975.
Pananya           : Sabaraha urang nu damel di pabrik tahu ieu?
Pa Satiri           : 5 urang.
Pananya           : Sabaraha gaji nu di pasihkeun ka padamel tahu sasasihna?
Pa Satiri           : Rp. 600.000
Pananya           : Naon wae bahan-bahan kanggo ngadamel tahu teh?
Pa Satiri           : Kacang kedele, uyah, jeung pecin.
Pananya           : Timana kenging bahan-bahanna?
Pa Satiri           : Ti KOPTI
Pananya           : Naon Pa ari KOPTI teh?
Pa Satiri           : KOPTI (Koperasi Tahu Tempe Indonesia), nyaeta koperasi nu nyediakeun bahan baku kanggo ngadamel tahu.
Pananya           : Naon wae alat-alat nu diangge ngadamel tahu?
Pa Satiri           : Diesel, panyitak tina awi, ancak awi, ayakan, kawali gede, ember, peso, jsb.
Pananya           : Sapertos kumaha ari ngadamel tahu teh?
Pa Satiri           : Kacang kedele dikeueum salila 4 jam, saentos mekar, dikumbah, teras digiling jeung digodog nepi ngagulak, teras dipisahkeun susu kedele jeung ampasna. Susu kedelai diaduk nepi ngagumpal, teras disaring ngangge ayakan awi, jeung dipisahkeun cai jeung tahuna. Tahu dicetak, teras ditambahkeun uyah/pecin jeung diingkeun salila 1 jam. Jeung sanggeus eta, tahu teh tos tiasa digoreng.
Pananya           : Kamana limbah tahu ieu di piceun?
Pa Satiri           : Ka balong.
Pananya           : Kunaon limbah jeung sesa cai tahu eta dipiceun ka balong?
Pa Satiri           : Kusabab eta limbah teh bisa jadi hakaneun lauk.
Pananya           : Sabaraha harga tahu ieu?
Pa Satiri           : Rp. 250
Pananya           : Kamana tahu ieu dijual?
Pa Satiri           : Ka Pasar Baru jeung Ciawigebang
Pananya           : Ti jam sabaraha nepi ka jam sabaraha pabrik tahu ieu didamelna?
Pa Satiri           : Ti jam 02.00 WIB. – 14.00 WIB.
Pananya           : Sabaraha kali pabrik ieu dibersihkeun?
Pa Satiri           : Unggal poe.
Pananya           : Saha anu meresihan pabrik tahu ieu?
Pa Satiri           : Padamel nu ngadamelan tahu.
Pananya           : Kumaha cara ngaberesihan pabrik tahu ieu?
Pa Satiri           : Disiram ngangge cai, teras disikat nepi ka beresih.
Pananya           : Iraha biasana seueur nu meser tahu ka Bapa?
Pa Satiri           : Tiap tanggal ngora.
Pananya           : Saha biasana nu sok meser tahu ka Bapa?
Pa Satiri           : Tukang icalan tahu nguriling.
Pananya           : Hatur nuhun Pa, abdi sadaya permios. Sakali deui abdi sadaya hatur nuhun pisan ka Bapa.
Pa Satiri           : Muhun jang, sami-sami.
Pananya           : Wassalamu’alaikum Wr. Wb.

Pa Satiri           : Walaikumsalam Wr. Wb.

6 komentar:

  1. Komentar ini telah dihapus oleh administrator blog.

    BalasHapus
  2. Komentar ini telah dihapus oleh administrator blog.

    BalasHapus
  3. Komentar ini telah dihapus oleh administrator blog.

    BalasHapus
  4. Komentar ini telah dihapus oleh administrator blog.

    BalasHapus