Sabtu, 05 Desember 2015

Conto Biografi Bahasa Sunda Teman

Hai kawan-kawan! Apa kabar? Saya pernah mendapatkan tugas membuat biografi teman dalam Bahasa Sunda pada kelas X Semester 1. Saya ditugaskan untuk membuat biografi teman berdasarkan absen sesudah absen saya, yaitu Fina Fauziyah. Nah kali ini saya akan membagikan biografi yang telah saya buat. Semoga bermanfaat!

Biografi Fina Fauziyah


Fina Fauziyah mangrupakeun salah sahiji siswa nu berprestasi di SMA Negeri 2 Kuningan. Anjeunna lahir di Kuningan kaping 19 Februari 2000. Kiwari yuswana tos 15 taun. Fina Fauziyah teh nya eta putri ti Bapa Nana Sunari, S.Pd. sareng Ibu Suparti, S.Pd. Bapana migawe salaku guru di SMP Negeri 1 Cigugur, ari Ibuna migawe salaku guru di SMP Negeri 1 Cipicung. Fina Fauziyah teh nya eta anak ka dua ti dua bersodara. Rakana namina Aji Najib Nashiruddin nu ayeuna keur kuliah di Institut Pertanian Bogor. Alamat Fina Fauziyah teh nya eta di Jl. Buyut Demang RT. 08 RW. 03 Desa/Kecamatan Kramatmulya, Kabupaten Kuningan, kode posna 45553.
Fina Fauziyah asup ka TK Tunas Bangsa Kramatmulya dina taun 2005 nepikeun taun 2006. Sanggeus TK, anjeuna neruskeun ka SD Negeri Kramatmulya ti taun 2006 nepikeun taun 2012. Lulus ti SD, Fina Fauziyah neruskeun atikannana ka SMP Negeri 1 Kramatmulya ti taun 2012 nepikeun taun 2015. Ayeuna anjeunna keur diajar di SMA Negeri 2 Kuningan nyandak jurusan MIPA di kelas X MIPA 3.
Aya sababaraha prestasi nu geus dimenangkeun ku Fina Fauziyah, diantarana nya eta  Juara 1 Tenis Meja tingkat Kecamatan Kramatmulya dina taun 2011, Juara 1 Olimpiade IPA tingkat Kecamatan Kramatmulya dina taun 2011, Juara Pararel ka-1 kelas 7,8,9, sareng Juara Umum ka-1 kelas 8 jeung 9.
Fina Fauziyah aktif dina sababaraha organisasi, dina organisasi sakola atawa dina organisasi sosial. Dina organisasi sakola anjeuna aktif di Pramuka SMP Negeri 1 Kramatmulya salaku Pratama Putri ti taun 2013 nepikeun taun 2015. Anjeunna oge aktif di OSIS SMP Negeri 1 Kramatmulya salaku Wakil Ketua OSIS periode 2013-2014 sareng salaku Ketua OSIS periode 2014-2015. Salian aktif di organisasi sakola, Fina Fauziyah oge aktif di organisasi sosial. Ti taun 2014 nepikeun kiwari, anjeunna kaasup kana anggota Forum Anak Kabupaten Kuningan salaku anggota di bidang Hubungan Masyarakat.
Hobi nu dipikaresep ku Fina Fauziyah teh nya eta maca novel. Novel nu dipikaresep ku anjeunna nya eta novel nu judulna “Sherlock Holmes” karangan Sir Arthur Conan Doyle. Aya sababaraha pengarang novel nu dipikaresep, diantarana Dewi Lestari, Tere Liye, jeung nu pastina Sir Arthur Conan Doyle.
Fina Fauziyah ngabogaan cita-cita nya eta hayang jadi psikolog jeung panulis. Fina Fauziyah hayang jadi psikolog lantaran anjeunna sok hayang nyaho nguenaan kapribadian batur. Ari hayang jadi penulis lantaran anjeunna resep kana nulis jeung maca. Fina Fauziyah ngabogaan motto hirup, nyaeta “Urang Hirup Lain keur Ngimpi, tapi Mimpi eta nu Nyieun Urang jadi Ngarasa Hirup.”

14 komentar: