Jumat, 02 Desember 2016

Nganalisis Novel Sunda "Kakaren Revolusi" (Tugas B. Sunda Kelas XI)



NGANALISIS NOVEL


       A.    Rincian
1.      Judul                           : Kakaren Revolusi
2.      Pangarang                   : Tatang Sumarsono
3.      Panerbit                       : PT. Dunia Pustaka Jaya
4.      Alamat Panerbit          : Jl. Gumuruh No. 51 , Bandung 40275
5.      Ilustrasi Jilid                : Ayi R. Sacadipura
6.      Citakan                        : ka-1, 2012
7.      Jumlah Kaca                : 160

      B.     Sinopsis (Aya di bagian tukang buku)

      C.    Unsur Intrinsik
1.      Jejer                             : Sajarah kapahlawanan
Kusabab novel ieu nyaritakeun ngeunaan sajarah  parjuangan Erom jeung sobat-sobatna nu pinuh ku sagala ujian jeung cobaan hirup dina ngabela jeung mertahankeun nagara, hususna nu aya di Tatar Pasundan ti gangguan Sekutu jeung Hindia Belanda.
2.      Palaku                        
-Protagonis                  : Erom sipatna patriotis, bageur, rendah hate, patuh
Heueuh apan bakat ku hayang ngalayad aki sorangan, ceukdina hatena.
Erom milu ancrub jadi tantara lantaran hayang milu mertahankeun kamerdekaan.
Najan ngahiji jeung anak buah, Erom henteu nempatkeun diri dina posisi nenggang di luhur.
“Urang kudu tumut kana parentah.”
Pangkat diturunkeun, ku Erom teu ieuh dipasualkeun, sabab ti anggalna keneh ogemanehna teu ngudag-ngudag pangkat jeung kalungguhan.

-Antagonis                  : Nyi Pipih sipatna bageur, perhatian
“Budakna aya rupaan sakitu mah, moal eleh-eleh teuing ku mojang kota, jaba deuih bageur.”
“Abdi mah melang wae, mangkaning Akang nuju kirang sehat.”

-Panambah                  :
a)      Rusli
b)      Udung
c)      Kosasih
d)     Rusman
e)      Jamhur
f)       Ahmad
g)      Ceu Nani
h)      Kang Ganda
i)        Emah
j)        Empah
k)      Siagian

3.  Galur                           : Mobok tengah, lantaran tahapan kategangan nurun aya di bagian awal carita novel. (Tahapan: Kategangan nurun , Panganteur,Pamunculan masalah, Puncak Kategangan, Panyelesaian.)
Ø  Kategangan nurun
Erom mutuskeun yen anjeuna kudu balik ka Bandung. Manehna peuting-peuting teh naek treuk ti Yogya nepikeun ka Cirebon. Erom neruskeun mapay jalan satapak ngaliwatan tanjakan Gunung Burangrang. Di jalan teh aya pamariksaan, ngan ahirna bisa lolos lantaran aya sobatna, Rusli nu jadi sekutu Belanda. Erom nepi ka imah lanceukna, Ceu Nani di Nangkasuni. Ngan teu lila cicing di dinya teh lantaran loba intelejen nu ngabahayakeun kana kasalametan Erom jeung kulawarga Ceu nani. Ahirna Erom indit rek ka imah Emah jeung Empahna nu aya di lembur.
Ø  Panganteur
Sumanget proklamasi ngalantarankeun Erom ngagabung jeung TKR pikeun milu mertahankeun kamerdekaan. Manehna diangkat jadi Letnan di Batalyon Sutarwan. Anggota-anggotana teh ngabogaan latar belakang, umur, kapribadian, sarta atikanana nu beda-beda nu nimbulkeun rasa kacurigaan. Erom ngahijikeun eta anggota ku cara silih ngobrol jeung silih babagi pangalaman. Anggota eta diantarana nya eta Udung, Kosasih, Rusman, Jamur, jeung Ahmad.
Ø  Pamunculan masalah
Pamarentah pusat marentahkeun yen para tentara nu di Pasundan teh kudu hijrah ka Yogya. Kusabab kitu loba jalma nu kaluar ti katentaraan kusabab teu hayang ninggalkeun kulawarga jeung lemburna. Ari anggota ti Batalyon Sutarwan teh ngan aya 24 orang. Kusabab rombongan Erom datang panderi, maranehna teu kabagian tempat jeung sare.  Kabeneran aya gudang kosong di pabrik gula nu teu dipake.
Ø  Puncak Kategangan
Anggota rombongan Erom loba nu dipindahkeun jeung diturunkeun jabatanana, aya nu pagaweanana di bengkel,aya di adminstrasi. Kusabab kitu loba anggota nu balik deui ka Bandung, kaasup Erom oge kusabab ngarasa teu cocok. Padahal maranehna niat jauh-jauh ti Bandung ka Yogya teh hayang ngabela nagara, tapi malah dibere pagawean nu kurang saluyu jeung hatena. Erom balik ka Bandung naek treuk gula ti Yogya nepikeun ka Cirebon.
Ø  Panyelesaian
Erom nepi di lembur. Manehna kaget yen Empahna jadi lurah NICA. Empah ngajeulaskeun yen manehna kapaksa sabab euweuh deui nu bisa mingpin eta urang lembur. Di lembur Erom kawin jeung Nyi Pipih anakna Mang Murtasan. Teras manehna pindah ka Bandung. Di Bandung manehna diajak rapat, terus ditangkep ku pulisi. Kusabab di pulisina aya sobatna bareto keur jadi tentara, Erom bisa bebas ngan babaturan nu masih keneh dipenjara teu apaleun yen Erom teh geus bebas.
4.  Latar
     -Tempat                       :
·         Kampung Babakan Priangan = Najan masih keneh ngarasa mampuh nempatan posisi di Kampung Babakan Priangan, Erom teu bisa nolak kana eta parentah.
·         Nagreg
·         Cirebon
·         Gunung Burangrang
·         Nangkasuni
·         Jalan Karapitan

     -Waktu                                    :
o   Peuting = Teuing naon alesanana treuk kaluar ti Yogya teh beut peuting-peuting.
o   Haneut moyan
o   Isuk-suk

     -Suasana                      :
a.       Genting = Lain ku nanaon, apan kaayaanana keur sakitu gentingna. Enya, ayeuna mah teu kawas sakitu bulan ka tukang, samemeh Jenderal Mountbatten nempatkeun tentarana di Bandung Kaler.
b.      Silih curiga = Teu kurang deuih anu silih curiga jeung papada urang keneh oge. Teu kaop manggihan gambar anu ceuk maranehna mirip kroon (makuta karajaan Walanda).
c.       Riweuh = Beuki dieu, matuh di pasisian beuki karasa riweuhna. Jajauheun tina tingtrim, da puguh gangguan ti urang gunung asa beuki kerep wae.

5.  Amanat                                   : Urang kudu daek bajuang pikeun ngabela nagara

      D.    Resensi
Novel “Kakaren Revolusi” mangrupakeun salah sahiji novel karangan Tatang Sumarsono nu diterbitkeun ku Pustaka Jaya. Novel “Kakaren Revolusi” teh alus keur dibaca utamana pikeun nu resep kana sajarah, bisa rumaja atawa dewasa. Novel ieu nyaritakeun ngeunaan sajarah  parjuangan Erom jeung sobat-sobatna nu pinuh ku sagala ujian jeung cobaan hirup dina ngabela jeung mertahankeun nagara, hususna nu aya di Tatar Pasundan ti gangguan Sekutu jeung Hindia Belanda. Salian nyaritakeun parjuangan, novel ieu oge ngagambarkeun ngeunaan masarakat Tatar Pasundan ti mimiti jaman merdeka tepi ka taun 1950-an. Aya sababaraha kaleuwihan ti novel “Kakaren Revolusi” nya eta loba amanat nu bisa ku urang implementasikeun dina kahirupan urang sapopoe. Urang oge bisa apal ngeunaan kaayaan masarakat Tatar Pasundan keur jaman revolusi. Ditilik tina jilidna, gambar jeung gaya huruf judulna geus bisa ngagambarkeun yen ieu novel teh mangrupa novel ngeunaan sajarah kapahlawanan. Aya oge tambahan nya eta kaca biografi pangarang jeung kaca katerangan sawatara kecap atawa istilah. Salian ti kaleuwihanana, aya oge sababaraha kakurangan nya eta aya sababaraha pasualan nu tacan aya solusina jeung teu jelas kumaha ahirna. Terus aya oge kecap-kecap arkais nu kurang ngarti, saperti ransum, sarakan, morolok, jsb. Dina ieu novel teu aya gambar ilustrasi, padahal saenyana gambar ilustrasi teh bisa ngahirupkeun suasana carita sangkan nu maca teh bisa leuwih ngagambarkeun ngeunaan kaayaan nu aya dina carita.

7 komentar: