Jumat, 16 Juni 2017

Wawancara BNN Kabupaten Kuningan (Tugas Basa Sunda Kelas XI)



Wawancara


  1.      Poe, tanggal                : Senen, 16 Mei 2017
  2.      Waktos                        : 16.00 s.d. selesai
  3.      Tempat                        : Gedung BNN Kuningan
  4.      Narasumber                 : Novy Khusnul Khotimah
  5.      Daftar partanyaan       :


1)      Kumaha persentase palaku panyalahgunaan narkoba di Kabupaten Kuningan?
Jawab: Di Kabupaten Kuningan mah teu acan pasti. Upami di Indonesia seuseueurna pangguna narkoba teh aya dina usia dewasa lantaran aranjeunnna tos tiasa milari artos sorangan keur meser narkoba. Upami persentasena nyaeta 50% nu tos didamel, 25% palajar, sareng 25% sisana henteu jelas. Nu 25% teh tiasa budak alit, jalmi nu tos sepuh, atawa pangangguran.

2)      Naon bae faktor nu nyebabkeun panyalahgunaan narkoba di kalangan palajar?
Jawab: Faktor utamana nyaeta cacampuran. Lamun urang cacampur sareng jalmi anu hade, urang oge bakal kaajak hade. Sabalikna lamun urang gaul sareng jalmi nu teu hade saperti pangguna narkoba, urang oge bakal kapangaruhan ngagunakeun narkoba. Faktor lian diantarana nyaeta coba-coba kusabab panasaran, stres, sareng biasana palakuna teh ti kulawarga anu broken home.

3)      Naon fungsi narkoba anu sabenerna?
Jawab: Narkoba teh lamun kadar sareng dosisna tos ditangtukeun, tiasa dijadikeun obat bius nu digunakeun dina bidang kasehatan.

4)      Naon jenis narkoba nu paling sering disalahgunakeun? Sabaraha hargana?
Jawab: Narkoba nu sering disalahgunakeun sanes nu ditangani ku BNN, lantaran nu ditangani ku BNN mah nyaeta narkoba nu hukumana berat sareng biasana hargana oge mahal. Jenis narkoba nu sering dikonsumsi diantarana “crocodile” nu bisa nyebabkeun kulit panggunana melepuh siga kulit buhaya. Aya oge tramadol, tirex, dextol nu biasana dijual Rp. 10.000. Ganja sarintingna Rp.10.000 – Rp. 13.000.

5)      Timana asalna narkoba nu aya di Indonesia? Didamel sorangan di Indonesia atawa dikirim ti nagara lain?
Jawab: Dua-duana aya. Rata-rata nu pang seueurna teh dikirim ti Cina, nyaeta kira-kira 70%-80%. Sisana nyaeta ti nagara Nigeria, Singapura, Afganistan, Malasyia. Upami di Indonesia asal bahanna ti lahan pertanian ganja nu aya di Aceh sareng lahan pertanian katinon nu aya di Bogor.

6)      Kumaha cara ngonsumsi narkoba teh?
Jawab: Tiasa dihisep nganggo dom, didahar siga permen, sareng langsung disuntik.

7)      Di mana tempat rehabilitasi pangguna narkoba di Kabupaten Kuningan?
Jawab: Rumah Sakit Linggarjati, Puskesmas Luragung, Puskesmas Windusengkahan, Tenjolaut Palutungan, sareng Cipta Uning Subang.

8)      Naon ciri-ciri jalmi pangguna narkoba?
Jawab: Awakna teh sok leles bae, anti sosial atawa kalewihan sosial, panonna beureum, panon sareng hirung ngaluarkeun cairan bae. Jalanna teh sok sempoyongan, cadel, indra na teh teu peka deui. Ngan aya oge anu hente katingali ciri-cirina kusabab tergantung dosis anu dipakena.

9)      Kumaha level kondisi pengguanan narkoba di Kabupaten Kuningan?
Jawab: Upami masalah itu mah, Kuningan masih aya dina tahap sedeng, sabab upami dibandingkeun sareng waktu/sateuacan aya internet pasti kondisi pangguna narkoba di Kabupaten Kuningan teh naek/tinggi kusabab loba nu teu apal ngeunaan bahaya narkoba.

10)  Sabaraha kasus panyalahgunaan narkoba nu aya di Kuningan?
Jawab: Kasus narkoba teh sanes kasus langka nu aya di Kuningan. Jumlah na tos nepi ka ratusan, upami kasus nu diurus ku BNN ngan aya 10 kusabab taun-taun kamarina teu kenging ngalakukeun panangkapan. Sisana diurus ku Polres Kuningan. Di LP Kuningan  aya 380-400 panghuni nu 70% mangrupakeun palaku panyalahgunaan narkoba, saperti pangguna sareng pangedar. Lolobana teh eta penghuni LP ditansfer ti daerah lian.

11)  Di mana wilayah nu biasana aya kasus narkoba?
Jawab: Lolobana nyaeta wilayah di bagian utara saperti Cilimus, Mandirancan, sareng Jalaksana nu mangrupakeun batas antara Kuningan sareng Cirebon.

12)  Sabaraha lami pangguna narkoba direhabilitasi?
Jawa: Tergantung tos sabaraha lami pengguna ngonsumsi narkoba. Bisa sabulan nepi ka 2 taun.

13)  Naon kagiatan nu dilaksanakeun dina ngarehabilitasi pangguna narkoba?
Jawab: Loba, ngan biasana mah dilakukeun detoksifikasi. Detoksifikasi nyaeta pengeluaran racun nu bisa dilakukeun ku cara ngadahar kadaharan nu bergizi saperti sayur, buah sareng susu. Nu ngabedakeun detoks antara jalma sehat sareng pacandu narkoba nyaeta detoks pacandu narkoba teu bisa dihentikeun atawa kudu rutin. Salian eta kacandu narkoba teh diajak mikir anu positif, ngayakeun konseling, sareng kagiatan anu sehat saperti olahraga dina poe Jumat sareng kudu sare satacan jam 10.

14)  Aya henteu pencandu narkoba saentos direhabilitasi jadi pencandu deui?
Jawab : Aya, lantaran pacandu narkoba teh hese pisan ngaleupaskeun narkoba. Narkoba teh tos jadi kabutuhan neupikeun bisa misahkeun hubungan antara indung bapak sareng anak. Aya oge anu berhasil ngaleupaskeun narkoba lantaran tekadna nu kuat. Pacandu narkoba nu tos di rehab balik deui ngonsumsi narkoba persentasina nyaeta 90%.

15)  Usaha naon anu dilakukeun BNN kanggo ngurangi anu ngonsumsi narkoba?
Jawab: Kahiji, ngayakeun sosialisasi ngeunaan bahaya narkoba. Kadua, ngayakeun penyuluhan. Katilu, ngayakeun pemberdayaan masyarakat, saperti petani di Aceh anu baheulana petani ganja ku BNN teh diajakan kanggo nyetop melak ganja terus engkena diganti ku melak sayur.

16)  Naon bae program BNN kanggo ngalakukeun penyuluhan?
Jawab: Aya, tapi jadwalna teh henteu tangtu/henteu tetap kanggo penyuluhan. Tapi, upami masyakarat ngalakukeun penyuluhan sorangan itu teh lewih alus.

17)  Kudu kumaha peran sakola kanggo nyegah pelajar sangkan henteu ngonsumsi narkoba?
Jawab: Inisiatif ti sakola sorangan ku cara manggil BNN.

18)  Naon anu kudu dilakukeun upami aya jalmi anu ngonsumsi narkoba, kudu dijauhan atau kudu dirangkul?
Jawab: Tergantung urangna, upami aya sobat deukeut anu ngonsumsi narkoba, ku urang masih tiasa diajak/diomongan. Kamungkinana alit kanggo mirengken omongan urang sabab ari jalma anu tos ngonsumsi narkoba mah sesah deui lepas tina narkoba. Ngan sateuacan urang ngamangaruhan pacandu narkoba, urang oge kudu ukur diri sorangan heula. Tiasa oge ku cara konsul ka guru BK nu aya di sakolana.

19)  Naon saran BNN ka palajar?
Jawab: “Say No Tu Drugs” ucapkeun heunteu kana narkoba. Urang kudu ngagaduhan strategi kanggo ngagapai impian, sabab upami tos ngagaduhan strategi mah pasti bakalan fokus kanggo ngudag impian eta.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar