Kaitan
antara Gedung Paseban Tri Panca Tunggal jeung Kabudayaan Sunda
di
Kabupaten Kuningan
Sumber foto: thearoengbinangproject.com
Gedung Paseban Tri
Panca Tunggal mangrupakeun gedung sajarah sakaligus salah sahiji pusat
kabudayaan di Kabupaten Kuningan nu alamatna di Kampung Wage, Kelurahan
Cigugur, Kabupaten Kuningan, Jawa Barat. Gedung Paseban Tri Panca Tunggal
diresmikeun ku pamarentah salaku Cagar Budaya Nasional dina tanggal 14 Desember
1976. Ngaran ieu gedung teh asalna tina kecap “Paseban” nu hartina partemuan,
“Tri” nu disusun ku unsur rasa-budi-pikir, “Panca” nu maksudna panca indra,
jeung”Tunggal” nu maksudna Maha Tunggal. Paseban Tri Panca Tunggal ngandung
filosofi yen lamun manusa geus bisa ngaharmoniskeun antara rasa-budi-pikir ku
cara diimplementasikeun ku panca indra, eta manusa teh geus bisa nganunggalkeun
kanu Maha Tunggal.
Gedung Paseban Tri
Panca Tunggal didirikeun ku Pangeran Sadewa Madrais Alibasa, pewaris tahta
Kapangeranan Gebang, Cirebon Timur, dina taun 1840. Eta Kerajaan Gebang geus dibumihanguskeun
ku VOC Belanda. Harita teh Pangeran Madrais keur balita keneh, terus
dititipkeun ka Ki Sastrawardhana di Cigugur. Dina usia 18 taun, Pangeran
Madrais ngabangun Gedung Paseban Tri Panca Tunggal. Tujuan didirikeun ieu
gedung teh nya eta pikeun nyebarkeun ajaran Djawa Sunda atawa Sunda Wiwitan jeung
ngamumle Kabudayaan Sunda nu aya di Kabupaten Kuningan, saperti Tari Buyung,
Seren Taun, jeung sajabana. Ayeuna ieu gedung teh dirawat ku Pangeran
Djatikusuma nu mangrupakeun cucu ti Pangeran Madrais.
Salaku salah sahiji
pusat kabudayaan di Kabupaten Kuningan, Gedung Paseban Tri Panca Tunggal geus
ngamumule Kabudayaan Sunda salila 177 taun. Nepikeun ka ayeuna eta kabudayaan
masih bisa ku urang tongton. Aya tilu rupa kabudayaan nu aya di Gedung Paseban
Tri Panca Tunggal, nya eta kabudayaan anu mangrupa gagasan, kabudayaan anu
mangrupa tindakan, jeung kabudayaan anu mangrupa hasil karya.
Kahiji, kabudayaan anu
mangrupa gagasan. Kabudayaan anu mangrupa gagasan nya eta kabudayaan nu sifatna
abstrak saperti ide-ide, ajen inajen, aturan, jeung tata-titi. Di Gedung
Paseban Tri Panca Tunggal aya nu ngarana ciri kabangsaan “Djawa Sunda”. Eta
ciri kabangsaan “Djawa Sunda” atawa teh nganjurkeun sangkan urang leuwih
ngahargaan kana ciri jeung kabudayaan urang sorangan. Urang teu meunang
langsung narima pangaruh budaya luar, tapi kudu bisa nyaring naon budaya luar
nu alus jeung naon budaya luar nu goreng. Nu penting mah urang teh kudu bisa
ngamumule budaya urang sorangan nu mangrupakeun ciri has urang sangkan henteu
punah.
Kadua, kabudayaan anu
mangrupa tindakan. Kabudayaan anu mangrupa tindakan nya eta kabudayaan anu
raket patalina jeung tindak-tanduk dina campur gaul jeung hirup kumbuh di
masarakat. Kabudayaan anu mangrupa tindakan nu aya di Gedung Paseban Tri Panca
Tunggal nya eta Upacara Seren Taun nu diayakeun tiap tanggal 22 Rayagung tahun
Saka. Upacara Seren Taun mangrupakeun ungkapan rasa sukur ka Gusti Nu Maha
Agung tina hasil panen taun ayeuna jeung menta sangkan hasil panen taun hareup
leuwih alus ti batan taun ayeuna. Istilah Seren Taun asalna tina kecap “Seren”
nu hartina serah atawa seserahan jeung kecap “taun” nu hartina taun atawa 12
bulan. Salian eta, Seren Taun teh mangrupakeun acara seserahan hasil panen satauneun
nu rek disimpen kana leuit atawa lumbung. Upacara ieu teh awalna diayakeun
pikeun ngamuliakeun Nyi Pohaci Sanghyang Sri nu mangrupakeun Dewi Pare dina
kapercayaan Sunda kuno. Dina Upacara Seren Taun, aya nu ngarana Tari Buyung
jeung Nyiblung. Tari Buyung dilakukeun ku cara nincak kendi sabari mawa buyung
atawa alat paranti nyiuk cai dina hulu nu ngandung harti ungkapan “Dimana bumi dipijak di situ langit
djunjung”. Ari Nyiblung teh mangrupakeun kagiatan masarakat Sunda nu
biasana dilakukeun lamun keur mandi ku cara nepak-nepakeun leungeun kana cai
sangkan nimbulkeun sora.
Katilu, kabudayaan anu
mangrupa hasil karya. Kabudayaan anu mangrupa hasil karya nya eta sagala rupa
hal atawa barang hasil tina pikiran, pagawean, jeung karancagean. Kabudayaan anu
mangrupa hasil karya nu aya di Gedung Paseban Tri Panca Tunggal nya eta
arsitektur jeung rohangan nu aya di dinya. Gedung ieu nyanghareup ka kulon
terus manjangan ka wetan nu ngagambarkeun hirup manusa ti awal kadatangana ka
dunya nepikeun ahirna balik deui ka asalna. Di bagian puncak aya tonggak ulir
nu ujungna ngabentuk kembang. Aya sababaraha rohangan di Gedung Paseban Tri
Panca Tunggal saperti Pendopo, Roang Jinem, Pasengetan, Pagelaran, Sri
Manganti, Mega Mendung, jeung Dapur Ageng. Area Pendopo ditopang ku 11 pilar di
sakurilingna nu ngagambarkeun kaayan manusa sanggeus lahir ka alam dunya. Di
area Pendopo aya 5 tangga nu ngagambarkeun panca indra nu kudu bisa jadi jalan
manusa sangkan bisa ngajalankeun kahirupan nu bener. Rohangan Sri Manganti
digunakeun pikeun tempat pasamoan, acara panganten, jeung persiapan Upacara
Seren Taun. Di rohangan ieu aya Patung Puraga jeung relif bayi nu keur mawa
obor. Mega Mendung digunakeun pikeun roang kerja Pangeran Djatikusumah. Di
Dapur Ageng aya hau nu dihias ku naga di opat sudutna. Roang Jinem
ngagambarkeun proses nyiptakeun dunya ku opat unsur, nya eta taneuh, cai,
angin, jeung api. Roang Jinem digunakeun pikeun tempat ngalatih Tari Buyung.
Salian ti tilu rupa
kabudayaan, aya oge kagiatan nu dilakukeun di Gedung Paseban Tri Panca Tunggal.
Kagiatan eta teh diantarana aya latihan tari, latihan gamelan, jeung ngabatik.
Kagiatan ngabatik dilakukeun di Taman Sari Gedung Paseban Tri Panca Tunggal. Batik
Paseban ngabogaan motif has nya eta motif Gedung Paseban, motif Lauk Dewa atawa
Kancra Bodas, jeung motif Kuda Kuningan. Ari latihan tari jeung gamelan
dilakukeun di Roang Jinem. Nu sok daratang teh nya eta barudak, wisatawan
lokal, jeung wisatawan asing. Biasana nu daratang leuwih rame mun keur
persiapan Upacara Seren Taun.
Gedung Paseban Tri
Panca Tunggal mangrupakeun bangunan nu boga peran penting dina ngamumule
Kabudayaan Sunda nu aya di Kabupaten Kuningan. Salian ti jadi tempat pikeun
persiapan Upacara Seren Taun, gedung ieu oge dipake pikeun nyimpeun barang-barang pusaka nu ngabogaan
nilai sajarah. Ku kituna urang salaku urang Sunda kudu bisa ngajaga ieu Gedung
Paseban Tri Panca Tunggal sangkan Kabudayaan Sunda nu aya di Kabupaten Kuningan
henteu punah.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar