Minggu, 16 Oktober 2016

APRESIASI PAGELARAN DRAMA SUNDA : "Nagri Katumbiri"



FORMAT LAPORAN APRESIASI PAGELARAN DRAMA SUNDA


   1.      Judul Drama                : Nagri Katumbiri
   2.      Sutradara                     : Ebod Espede
   3.      Naskah                         : Nazarudin Azhar
   4.      Parapalaku
a.      Utama                   : Bima Sabda Langit
b.      Panambah              : Dudung
  Seniwati
  Darma
  Supinah
  Dukun
  Lalaki 1
  Lalaki 2
  Awewe
  Mahasiswa 1
  Mahasiswa 2
  Mahasiswa 3
  Mahasiswa 4
   5.      Pasipatan Palaku
a.       Utama
1.      Bima Sabda Langit sipatna paduli ka nagara jeung rakyat sarta ngabogaan rasa patriotisme nu gede, pangecut.
Bukti : anjeunna ngilu ngabela nagara pikeun ngalawan otoriter nu jahat nepi ka maotna, sanajan ahirna manehna masrahkeun diri paeh sangkan dikenang.

b.      Panambah              :
1.      Dudung sipatna paduli ka nagara, labil, patriotisme.
Bukti: anjeunna ngilu ngabela nagara pikeun ngalawan otoriter nu jahat nepi ka maotna ku cara dimaotan ku granat nu aya di bujurna.

2.      Seniwati sipatna ngabogaan jiwa seni nu luhur, paduli ka nagara, pikaseurieun.
Bukti: resep ngawih, ngilu ngabela nagara ku cara demo nungtut otoriter nu korupsi nepi ka maotna ku cara ditembak ku aparat.

3.      Darma sipatna romantis, narimakeun kaayaan, sabar, agamis.
Bukti: sok sabar jeung narimakeun kaayaan manehna nu kaasup jalma teu boga, sarta tetep ngahibur istrina.

4.      Supinah sipatna sabar, satia.
Bukti: tetep satia jeung sabar ngadampingan suamina sanajan hirupna kakurangan.

5.      Dukun sipatna pikaseurieun, ngabogaan elmu gaib
Bukti: bisa ngalawan jalma nu kasurupan sanajan dina akhirna eleh.

6.      Lalaki 1 sipatna teu paduli jeung hare-hare bae.
Bukti: ngab bisa nitah nulungan nu kasurupan tapi manehna cicing bae.

7.      Lalaki 2 sipatna paduli.
Bukti: ngabantu nulungan nu kasurupan.

8.      Awewe sipatna paduli
Bukti: ngabantu nu kasurupan.

9.      Mahasiswa 1 sipatna paduli ka nagara, wanian, nasionalisme luhur.
Bukti: ngilu ngarencanakeun jeung ngalaksanakeun demo.
10.  Mahasiswa 2 sipatna paduli ka nagara, wanian, nasionalisme luhur
Bukti: ngilu ngarencanakeun jeung ngalaksanakeun demo.

11.  Mahasiswa 3 sipatna paduli ka nagara, wanian, nasionalisme luhur
Bukti: ngilu ngarencanakeun jeung ngalaksanakeun demo.

12.  Mahasiswa 4 sipatna paduli ka nagara, wanian, nasionalisme luhur
Bukti: ngilu ngarencanakeun jeung ngalaksanakeun demo.

   6.      Tempat Pagelaran        : Gedung Kasenian Raksa Wacana Kuningan
   7.      Adegan                       :
a.       Pamulung nu ngaranna Dharma nempokeun patung Bima Sabda Langit.
b.      Dialog arwah Dudung jeung arwah Seniwati.
c.       Dialog 4 jalma, nyaeta dukun, lalaki 1, lalaki 2, jeung hiji awewe.
d.      Dialog arwah Bima Sabda Langit, arwah Dudung jeung arwah Seniwati.
e.       Dialog Darma jeung Supinah.
f.       Mahasiswa nu diudag ku aparat terus maot ditembak.
g.      Patung ngomong terus sujud.
h.      Dialog arwah Dudung, Seniwati, Darma, jeung Supinah.
i.        Nyanyi babarengan.

   8.      Ringkesan Carita         :
Dina hiji peuting, saurang pamulung nempokeun patung nu aya di hiji taman. Sanggeus nempo sakeudeung, eta jalma balik deui ninggalkeun eta patung. Sabenerna di eta taman teh aya dua arwah nu teu bisa katempo ku manusa. Kahiji arwah awewe nu keur nyanyi jeung kadua arwah lalaki nu keur diuk bari katempo keur pusing mikiran hiji perkara. Arwah nu keur diuk teh nyarekan arwah nu keur nyanyi kusabab ngarasa kaganggu ku sora eta arwah awewe. Awalna arwah lalaki teh pusing mikiran manehna sorangan kusabab teu apal nanaon. Arwah awewe ngadeukeutan arwah lalaki terus silih tembalan. Arwah lalaki teh inget yen manehna nyaeta arwah, terus mere nyaho yen arwah awewe eta oge arwah, lain manusa. Arwah lalaki nyaritakeun kahirupanana keur jadi tantara pikeun ngabelaan revolusi nepikeun maot kusabab aya granat nu ngabeledag di tukangeun manehna. Ujug-ujug datang opat urang nu boga niat ngancurkeun eta patung. Salah sahiji jalma eta teh nyebutkeun yen patung eta teh patung pajuang anu gagah. Ujug-ujug aya nu kasurupan. Dukun teh ngalawan nu kasurupan tapi eleh terus dibawa balik deui ninggalkeun eta patung. Sanggeus eta, dua arwah nu tadi ngarobrol deui. Ujug-ujug aya sora nu ngilu ngobrol. Nyatana eta teh sora patung nu nyebutkeun yen anjeunna teh ngarana Bima Sabda Langit. Ngadenge ngaran Bima Sabda Langit, arwah lalaki nu ngarana Dudung teh inget yen anjeunna teh salah sahiji perwira pasukan nu dipimpin ku Bima Sabda Langit. Arwah awewe nu n]garana Seniwati oge inget yen anjeunna teh mangrupakeun salah sahiji mahasiswa nu demo terus maot ditembak di hareupeun istana nagara. Dudung jeung Seniwati teh mangrupakeun jalma nu ngajadikeun Bima Sabda Langit jadi simbol perjuangan. Sanggeus nyarita ngeunaan pangalaman hirup, dua arwah eta teh indit. Patung Bima Sabda Langit ajeg deui. Teu lila aya dua urang nu datang ka taman, nyaeta pamulung nu ngarana Darma jeung istrina nu ngarana Supinah. Maranehna rek sare di eta taman kusabab kaayaanana nu kakurangan. Darma jeung Supinah ngobrol ngeunaan kaayaan hirupna nu kakurangan. Satacan sare, Supinah nyarita ngeunaan pangorbanan Bima Sabda Langit. Darma oge mere nyaho yen manehna teh anak Bima Sabda Langit. Supinah nempo patung Bima Sabda Langit, terus katingal yen patung eta teh ngaluarkeun cipanon. Ujug-ujug kadenge sora tembakan, geura bae Darma jeung Supinah indit ninggalkeun eta taman. Datang opat urang mahasiswa. Salah sahijina katembak terus keur ditulungan ku hiji mahasiswi. Dua mahasiswa nu lain ngajaga-jaga bari nyekel bedil. Teu lila kadenge suara tembakan nu tarik. Eta opat mahasiswa teh teu aya nu salamet, maraot sadaya. Ningali eta kajadian, patung Bima Sabda Langit ngadeukeutan eta opat mahasiswa. Terus anjeunna ngobrol jeung sora nu sigana mah eta teh sora hatena. Bima Sabda Langit ngajelaskeun yen manehna lain paeh lantaran ditembak musuh, tapi manehna masrahkeun diri sangkan dikenang salaku pahlawan jeung simbol revolusi nu ngabela kabeneran. Manehna nyesel kacida terus sumujud. Arwah Dudung jeung Seniwati balik deui ka eta taman lantaran hayang katimu jeung Patung Bima Sabda Langit. Nyatana eta patung teh keur ajeg sumujud. Keur nempo eta patung sumujud, datang Darma jeung Supinah nu ayeuna teh geus jadi arwah. Duanana maot ditembak. Awalna eta arwah-arwah teh rek mindahkeun patung Bima Sabda Langit ka tempat asalna, tapi teu jadi lantaran mungkin eta posisi nu dipikahayang ku patung Bima Sabda Langit. Ahirna kabeh arwah teh nyanyi babarengan lagu nu judulna “Nagri Katumbiri” pikeun ngahormatan Bima Sabda Langit.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar