Rabu, 14 Juni 2017

Teks Deskripsi Basa Sunda "Babancakan Kaulinan Tradisional Baheula"



Babancakan Kaulinan Tradisional Baheula

Foto dari sumber :  rjsyahrulloh.blogspot.com

Baheula ari Babancakan teh mangrupakeun kaulinan tradisional anu sok dipaenkeun ku barudak. Bababancakan ieu teh cara maena hampir sarua jeung ucing sumput, ngan Babancakan mah ngagunakeun beubeulahan genteng pikeun nangtukeun sabaraha lila ucing ngabereskeunanna jeung nu lain ucingna nyumput. Biasana kaulinan ieu teh sok dipaenkeun sanggeus balik sakola atawa sore-sore nepi ka burit.

Biasana lamun rek Babancakan teh, karumpul heula di lapang. Satacan mulai, kudu nyiapkeun alat-alat saperti beubeulahan genteng jeung batu. Beubeulahan genteng dipake pikeun nangtukeun sabaraha lila ucing ngabereskeunana jeung nu lain ucingna nyumput. Lobana beubeulahan genteng minimal aya tujuh. Lamun beubeulahan gentengna teu aya, bisa diganti ku sendal atawa beubeulahan keramik. Eta beubeulahan genteng teh ditumpuk ka luhur. Lamun batu dipake pikeun ngarobohkeun tumpukan genteng. Batu na mah cukup hiji nu gedenana sakeupeuleun leungeun.

Lamun alat jeung bahan geus aya, barudak teh karumpul terus ngayakeun heula undian ku cara hompimpah atawa suit. Ieu cara teh pikeun nangtukeun saha nu jadi ucing. Nu jadi ucing tugasna kudu ngabereskeun jeung ngajaga tumpukan genteng sabari neangan babaturan nu keur nyarumput. Nu lain jadi ucing tugasna kudu nyumput nepi ka teu kanyahoan ku nu ucing jeung ngarubuhkeun tumpukan genteng, ngan ulah nepi kanyahoan ku nu ucing.

Sanggeus aya ucingna, beubeulahan genteng teh geus ditumpuk ka luhur. Babaturan nu lain ucing ngalungkeun batu sangkan bisa ngarubuhkun eta tumpukan genteng. Lamun tumpukan genteng rubuh, nu jadi ucing kudu ngabereskeun deui eta beubeulahan genteng jeung nu lain ucingna nyarumput ka tempat nu sakirana aman jeung teu jauh ti lapang. Ucing nu geus ngabereskeun tumpukan genteng kudu neangan babaturanana nu nyarumput sabari ngajaga sangkan tumpukan gentengna teu rubuh. Eta nu jadi ucing teh kacida lieur na. Lamun geus bisa nimukeun babaturanana kudu nyebutkeun namana sabari nginjek batu nu dipake ngalung jeung nyebutkeun “Bancak!”. Nu lain ucing meunang ngarubuhkeun tumpukan genteng, ngan ulah nepi kanyahoan ku nu ucing. Lamun nu lain ucing aya nu ngarubuhkeun tumpukan genteng, ucing kudu ngabereskeun deui jeung nu lain ucingna bisa nyumput deui sanajan tadina geus beunang atawa kanyahoan ku ucing. Lamun geus katimu sadayana, Babancakan bisa dimulai deui ku hompimpa atawa nu jadi ucingna nyaeta jalma nu paling awal kanyahoan ku ucing.

Sanggeus cape maen Babancakan, biasana barudak teh baralik ka imahna masing-masing pikeun nyiapkeun jeung ngaji di masjid. Ari alat-alatna mah sok disumputkeun ka tempat nu aman, saperti dina jukut atawa handapeun tangkal nu aya di deukeut lapang. Ieu Babancakan teh mangrupakeun kaulinan anu rame. Ngan hanjakal kiwari mah geus jarang aya barudak anu maen Babancakan. Salian ti dampak kamajuan teknologi, teu aya oge lahan anu bisa digunakeun pikeun maen ieu kaulinan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar