Minggu, 06 Maret 2016

Tugas Bahasa Sunda X SMA : Nganalisis Wayang (Pancawala Lahir)



A.    Sinopsis Pancawala Lahir

Wayang golek  Pancawala Lahir nyaritakeun ngeunaan Dewi Drupadi istrina Amartha Prabu Yudistira nu keur ngandung anakna. Kanjeng Ratu Dewi Drupadi teh ngidam, nyaeta palay disayogikeun patung Abiasa nu nuju ngaos Kitab Pustaka Darya. Sanajan Prabu Yudistira ngahulag kana ieu kapalayna Dewi Drupadi, tapi tetep da ieu mah pakawulan.
    Temahna Raden Gatot Kaca narima pancen ti Prabu Yudistira sangkan midamel eta patung, lantaran anjeuna ngagaduhan kaahlian seni nu luhur. Disarengan Astrajingga sareng Dawala, Gatot Kaca lumampah ka Gunung Batu pikeun milari batu nu sae keur pibahaneun eta patung. Salian eta, Dewi Drupadi the ngidam palay lumampah ka Pasar nu wangunana ngawujud naga emas. Dicaritakeun yen di nagara Astina nuju dilanda wabah nu ceuk Resi Dorna kudu ngorbankeun tumbal saurang orok nu lahir di eta pasar.


B.     Nganalisis Carita Pancawala Lahir

1.      Tema                           : Kahayang nu ngadatangkeun bancana

2.      Alur                             : Maju
a.       Orientasi               : Kanjeng Ratu Dewi Drupadi teh ngidam, nyaeta palay disayogikeun patung Abiasa nu nuju ngaos Kitab Pustaka Darya.
b.      Komplikasi           : Salian eta, Dewi Drupadi the ngidam palay lumampah ka Pasar nu wangunana ngawujud naga emas.
c.       Menuju konflik    : Dicaritakeun yen di nagara Astina nuju dilanda wabah.
d.      Konflik (klimaks) : Ceuk Resi Dorna kudu ngorbankeun tumbal saurang orok nu lahir di eta pasar.
e.       Penyelesaian         : Dewi Drupadi jeung anakna disalametkeun ku Gatot Kaca jeung Yudistira.

3.      Latar               
a.       Waktu                   : Beurang
b.    Tempat                  : Karajaan Hastinapura, leuweung di Gunung Batu, Pasar nu wangunana ngawujud naga emas.
c.       Suasana                 : Tegang

4.      Penokohan      :
a.       Prabu Yudistira     : Bageur, bijaksana, nurut ka istrina.
b.      Dewi Drupadi       : Loba kahayang lantaran keur ngidam.
c.       Batara Kresna       : Bageur, budina luhur, pinter, sakti, bijaksana.
d.      \Gatot Kaca           : Nurur ka rakana, kuat, jeung sakti.
e.       Astrajingga            : Pikaseurieun, tunduk, jeung patuh.
f.       Dawala                  : Pikaseurieun, tunduk, jeung patuh.
g.      Bambang Pangalasan ; Paduli kana kaendahan lingkungan.
h.      Resi Dorna            : Licik.


5.      Amanat           : Ulah barang penta nu matak nyusahkeun jalma lain.
    
       Sumber           : https://www.youtube.com/watch?v=NndrAe18CQM
  




6 komentar:

  1. Bermanfaat sekali, terima kasih Abah Rais

    BalasHapus
  2. Bermanfaat sekali, terima kasih Abah Rais

    BalasHapus
  3. Sinopsisnya ada yg lebih panjangan gak?
    Buat bukti penokohan

    BalasHapus
    Balasan
    1. Untuk bukti lebih baik menonton video wayangnya langsung

      Hapus