Babancakan
Kaulinan Tradisional Baheula
Foto dari sumber : rjsyahrulloh.blogspot.com
Baheula ari Babancakan
teh mangrupakeun kaulinan tradisional anu sok dipaenkeun ku barudak. Bababancakan
ieu teh cara maena hampir sarua jeung ucing sumput, ngan Babancakan mah
ngagunakeun beubeulahan genteng pikeun nangtukeun sabaraha lila ucing
ngabereskeunanna jeung nu lain ucingna nyumput. Biasana kaulinan ieu teh sok
dipaenkeun sanggeus balik sakola atawa sore-sore nepi ka burit.
Biasana lamun rek
Babancakan teh, karumpul heula di lapang. Satacan mulai, kudu nyiapkeun
alat-alat saperti beubeulahan genteng jeung batu. Beubeulahan genteng dipake
pikeun nangtukeun sabaraha lila ucing ngabereskeunana jeung nu lain ucingna
nyumput. Lobana beubeulahan genteng minimal aya tujuh. Lamun beubeulahan
gentengna teu aya, bisa diganti ku sendal atawa beubeulahan keramik. Eta
beubeulahan genteng teh ditumpuk ka luhur. Lamun batu dipake pikeun
ngarobohkeun tumpukan genteng. Batu na mah cukup hiji nu gedenana sakeupeuleun
leungeun.